Wangenan (pengertian) Naskah Drama
Carita drama, atawa anu populér ku sebutan naskah drama, mangrupa wangun karya sastra anu ditulis maké basa paguneman (dialog). Saluyu jeung ngaranna, naskah drama téh ditulis keur kaperluan midangkeun pagelaran drama.
Struktur Naskah Drama
1. Palaku
Palaku
téh nyaéta jalma anu ngalalakon dina naskah drama. Palaku dina naskah drama
bisa dua urang, bisa ogé leuwih ti dua urang (welasan jalma atawa puluhan
jalma). Lamun palakuna ngan saurang, disebutna drama monolog. Wanda atawa jenisna aya tilu:
- Palaku utama. ciri Palaku utama diantarana dialogna loba, sarta jadi puseur carita (subyék lalakon).
- Palaku pangrojong biasana dialogna leuwih saeutik ti palaku utama, sarta fungsina milu ngarojong galur carita.
- Palaku figuran, dialogna leuwih saeutik ti batan palaku pangrojong. Aya anu ukur sababaraha kalimah, malah aya ogé anu teu dibéré dialog pisan. Jadi fungsina ukur pangjangkep wungkul. Hadirna dina carita ngan ukur saliwat.
Dina
naskah drama, para palaku biasana dipérélékeun heula dina bagian awal naskah,
lengkep jeung kateranganana. Disebutna pertélaan palaku. Tapi aya ogé naskah
drama anu teu nétélakeun heula para palakuna di awal. Jadi langsung waé nincak
kana carita.
2. Déskripsi atawa Cacandran.
Dina
naskah drama, déskripsi téh nyaéta katerangan atawa pituduh keur ngagambarkeun
kaayaan awal panggung. Upamana baé tempat caritana di mana, suasanana keur
kumaha, sarta wayah kumaha kajadianana. Teu unggal naskah drama sok dibéré
déskripsi. Aya ogé anu henteu. Gumantung perlu henteuna.
3. Prolog.
Prolog
nyaéta ungkara bubuka anu didéklamasikeun ku narator. Biasana eusina mangrupa
gambaran ngeunaan plot awal carita. Atawa bisa ogé ngeunaan sinopsis saliwatan
ngeunaan carita drama anu bakal dimaénkeun. Sarua ieu gé, teu unggal naskah
drama sok diprologan. Éta mah gumantung kana carita anu rék dimaénkeunana.
4. Dialog.
Dialog
téh nyaéta paguneman antar palaku dina naskah drama. Paguneman dina naskah
drama mah lain paguneman biasa kawas anu sok kasaksén ku urang sapopoé. Tapi
ngaleunjeur tur ngawangun hiji carita. Dialog dina naskah drama ilaharna mah
sok dinomeran, sangkan gampang diapalkeunana ku aktor jeung aktris. Dina
pagelaran drama, dialog téh aya anu diomongkeun maké basa lancaran, aya ogé anu
dinyanyikeun. Pagelaran drama anu dialogna dinyanyikeun disebutna drama
musikal, atawa gending karesmén saupama dina drama Sunda mah.
5. Babak jeung Adegan.
Babak
téh nyaéta bagian-bagian pidangan dina naskah drama. Biasana bagantina babak
dina naskah drama ditandaan ku bagantina kasang tempat, kasang waktu, atawa
palaku carita. Ari adegan mah nyaéta peristiwa-peristiwa anu kajadian dina
babak.
Upamana
baé kieu: dina babak kahiji, kasang tempatna di warung. Palaku nu ngalalakonna
tukang warung jeung si A. Dina adegan kahiji, tukang warung ngobrol jeung si A
ngeunaan imah Pa RT anu kabangsatan. Ceuk si A, aya jalma anu dicuriga, nyaéta
si B. Keur kitu torojol si B. Adegan ganti. Si A rurusuhan indit. Ari si B
tuluy ngobrol jeung tukang warung, yén manéhna tas meunang duit gedé hasil tina
proyék. Tukang warung kabitaeun. Tuluy nawarkeun anakna sangkan milu gawé di
proyék. Dina babak kadua, carita tuluy pindah ka imah Pa RT. Dina adegan
kahiji, Pa RT keur nyarékan saeusi imah, lantaran aya nu poho ngonci panto.
Keur kitu datang pulisi. Adegan ogé milu robah deui, jeung saterusna.
6. Épilog.
Épilog
téh nyaéta ungkara panutup anu didéklamasikeun ku narator. Sarua jeung prolog,
épilog gé tara nyampak dina unggal naskah drama. Éta mah gumantung kana
caritana sorangan.
Di
handap aya sempalan naskah drama “Satampah Lemah” karangan Lugiena De. Pék baca
ku hidep sing teleb!
SATAMPAH LEMAH
Karya: Lugiena De
Pertélaan para palaku:
KARTIWA: siswa SMA kelas 12.
AMBU KASEM: indungna Kartiwa.
BAPA DASTA: bapana Kartiwa.
BABAK
I ADEGAN KA-1.
Di
patengahan, KARTIWA keur maca buku. AMBU KASEM keur ngaputan calana saragam
SMA. Ari BAPA DASTA diuk nyarandé bari gegeber.
1.
AMBU KASEM: (Satengah ngomong sorangan.) “Iwa ... Iwa .... Na kumaha bisa soéh
kieu. Mangkaning calana hiji-hijina. Emh ....”
2. KARTIWA: (Bari maca buku.) “Har ari Ema, pan
ceuk uing gé labuh, basa keur méngbal. Kumaha atuh, da lain dihaja.”
3.
AMBU KASEM: “Heueuh, na kumaha atuh calana sakola bet dipaké méngbal sagala?
Kawas bolon baé kalakuan téh. (Ngangkat calana.) Deuleu tuh, nepi ka
ngangkarawak kieu. Éra siah makéna ogé, tapak ngaputna katingali.”
4.
KARTIWA: “Lah, keun baé. Dipaké éra teuing. Da sakola mah lain rék pamér calana
ieuh.”
5. AMBU KASEM: (Satengah nyentak.) “Sia mah
némbal-némbal baé diomonganan téh!”
6. BAPA DASTA: “Menggeus atuh, ambuna. Ulah
riweuh ku urusan calana hiji. Meuli deui wé.”
7. KARTIWA: “Ulah, Pa. Moal kapaké lila. Da
sakolana ogé sakeudeung deui. Geus téréh ujian.”
8. AMBU KASEM: “Iraha kitu sia ujian téh? Kadé
ulah caliweura, bisi teu lulus!”
9. KARTIWA: “Nya moal atuh, Ma.”
10.
BAPA DASTA: “Lamun geus lulus, sia téh rék tuluy kumaha, Iwa?”
11.
KARTIWA: “Nya meureun mantuan Abah wé di sawah. ”
12. BAPA DASTA: “Bisi wé sia hayang kuliah.
Ongkoh deuih kamari téh ka dieu aya Pa Guru Dadang. Mani omat-omatan ka aing,
sangkan sia nuluykeun deui sakola. Ulah ukur tamat SMA wungkul, cenah. Lebar.
Da sia mah pinter.“
13. KARTIWA:
“Wuah ..., ti mana modalna, Pa. Da moal cukup ku duit sajuta dua juta
kuliah téh. Maenya wé ngajual sawah mah.”
14. BAPA DASTA: “Heueuh, asa moal mampuh, Iwa.
Lain teu hayang. Tapi apan sia ogé apal sorangan, urang mah teu boga nanaon.
Ukur boga sawah satalapok peucang, anu salila ieu dipaké andelan hirup urang.”
15. KARTIWA: “Enya, nu matak mending
ulah wé. Bisi gagal di tengah jalan. Percumah.”
15. KARTIWA: “Enya, nu matak mending ulah wé.
Bisi gagal di tengah jalan. Percumah.”
16.
AMBU KASEM: “Naha sia moal kaduhung kitu, Iwa?”
17. KARTIWA: “Naha maké kaduhung sagala?”
18. AMBU KASEM: “Bisi wé. Pédah nempo nu séjén
loba anu nuluykeun kuliah ka Bandung.”
19. KARTIWA: “Ah, nu séjén nya nu séjén. Urang
mah nya urang, Ma. Naha maké kudu sarua teuing.”
(KARTIWA leumpang ka hareup bari maca buku.
Tuluy bukuna ditutup. Nempo ka hareup.)
20.
KARTIWA: (Ngomong ka panonton.) “Tah kitu, pamiarsa. Ka uing téh loba nu
ngajurung-jurung, sangkan nuluykeun kuliah ka Bandung. Da najan lain anak jalma
aya ogé, uing téh budak pinter di sakola mah. Tapi mun uing nuluykeun sakola,
duka ti mana biayana. Tah, kira-kirana, naha uing téh mending maksakeun sakola,
atawa nuluykeun Bapa jadi patani? Sakola atawa patani? Sakola, tani? Tani,
sakola?” (Nepakan sirahna ku pulpén.) (KARTIWA indit bari ngagerendeng,
“Sakola, tani? Tani, sakola?”)
ADEGAN
KA-2
21.
AMBU KASEM: “Naha Akang teu ngarasa lebar ku si Iwa?”
22. BAPA DASTA: “Emh, lain aing téga, Kasem.
Kumaha deui, atuh. Meureun geus nasibna kitu si Iwa téh, kudu jadi bulu taneuh
kawas urang.”
23.
AMBU KASEM: “Tapi da sidik budak téh pinter. Lebar mun ku urang teu
dijurungkeun. Si Iwa mah gedé harepan unggah darajat. Ulah kawas urang,
saumur-umur ukur leledokan di sawah.”
24.
BAPA DASTA: “Heueuh, ngarti aing gé. Tapi kudu kumaha?”
25.
AMBU KASEM: (Ngahuleng sakedapan, tuluy nyarita semu asaasa.) “Kumaha lamun
urang jual wé sawah téh?”
26.
BAPA DASTA: (Reuwas.) “Ngajual sawah?!
Teu salah?!”
27. AMBU KASEM: “Enya. Urang nékad wé sakalian.”
28.
BAPA DASTA: “Tuluy urang rék hirup ti mana, Kasem? Pan ukur étaétana andelan
téh!”
29. AMBU KASEM: “Urang mah bisa kénéh buburuh di
sawah batur. Meungpeung tanaga gedé kénéh. Ké mah lamun geus ropoh, sawah
sorangan ogé moal kagarap.”
30. BAPA DASTA: (Ngahuleng sakedapan.) “Asa teu
mikeun aing mah, Kasem. Manéh ogé apan apal sorangan, hayang boga sawah sakitu
téh kacida héséna. Ladang bebelokan ti isuk jedur nepi ka soré jedér. Komo
sawah nu di Cibodas mah. Jimat éta mah, warisan ti kolot. Basa urang anyaran
kawin, nya sawah éta pisan apan anu dipaké bekel urang hirup téh.”
31.
AMBU KASEM: “Tuluy Akang leuwih téga nempo si Iwa hirupna kawas urang? Guyang
leutak unggal poé, kahujanan kapanasan? Lamun ku urang dijual ogé hakékatna mah
dipaké manjangkeun hirup anak urang. (Ngahuleng sakeudeung.) Rék sabaraha
turunan urang jadi bulu taneuh téh?”
32.
BAPA DASTA: “Kaharti, Kasem. Tapi mun si Iwa sakolana eureun di tengah jalan,
lantaran urang teu bisa terus ngabiayaan,
rék
kumaha? Meureun engké téh sawah ngalayang, budak teu bener sakolana.“
33.
AMBU KASEM: “Akang mah kawas nu teu percaya lamun urang mampuh.”
34. BAPA DASTA: “Enya, teu percaya aing mah.
Ongkoh moal boa anu diudag ku urang téh ukur kalangkang. Harepan anu can puguh
ngawujud jadi kanyataan. Mun enya hasilna kitu, naha manéh bakal sanggup
nanggung kakuciwana, nalika urang leungiteun sagala-galana?”
Sumber: Faturohman, Taufik & De, Lugiena. 2021. Modul Basa Sunda IX. Bandung: Geger Sunten


