Jumat, 22 Januari 2021

Lawungan ka 2 Praktek Mariksa Unsur Kabahasaan (Struktur) Guguritan

Dina lawungan saméméhna hidep parantos diajar ngeunaan guguritan sarta rupa-rupa pupuh nu dilarapkeunna. Ku cara nangtukeun watek, guru lagu, guru wilangan jeung jumlah padalisan, hidep bisa nangtukeun pupuh naon nu dijadikeun patokan guguritanna. 

Dina lawungan ayeuna hidep baris ngalarapkeun pangaweruh ti lawungan saméméhna. Tapi saacan maju ka bagéan pancénna, ieu di handap aya conto cara migawé pancénna.

Conto soal:

Guguritan 1

Di Jalan Tasik-Garut

(R. Méméd Sastrahadiprawira)


Matak waas ningal pasir ngelir     

Tinggarumpluk tatangkalanana

Daunna ngarémploh héjo

Di pungkur aya gunung

Gédé luhur munggah ngadingding

Nu katémbong puncakna

Munclut semu biru

Di tingal ti kajauhan

Siga pisan pipinding panghalang angin

Ngahudang lalamunan

 

Léngkah ka 1 Pariksa heula watekna!

  • Watek pupuh diluhur ngagambarkeun rasa bungah ningali kaéndahan alam

Léngkah ka 2 Pariksa heula guru lagu, guru wilanganna jeung jumlah padalisanna


















  • Guru lagu jeung guru wilanganna = 10-I, 10-a, 8-o, 7-u, 9-I, 7-a, 6-u, 8-a, 12-I, 7-a
  • Jumlah padalisanna = 10

Lengkah ka 3 Akurkeun runtuyan guru lagu jeung guru wilanganna kana tabél pupuh pikeun nangtukeun pupuh nu dijadikeun patokan!



Sabada nitenan tabél, guguritan di luhur akur patokanna jeung pupuh Dangdanggula

Jawaban bisa oge ditulis saperti ieu dihandap:

Watekna = ngagambarkeun rasa bungah ningali kaéndahan alam

Guru lagu jeung guru wilanganna = 10-I, 10-a, 8-o, 7-u, 9-I, 7-a, 6-u, 8-a, 12-I, 7-a

Jumlah padalisanna = 10

Patokan pupuh = Pupuh Dangdanggula


Pancén

Sabada niténan conto soal di luhur, pék larapkeun léngkah-lengkahna kana guguritan  di handap ieu!


Di Jalan Tasik-Garut

(R. Méméd Sastrahadiprawira)

Pancén 1

Nu dilamun upama pelesir,

Sasarengan sareng buah manah,

Ngaréndéng pakaléng-kaléng,

Di jalan ngabulungbung,

Anu ngembat di pipir pasir

Rajeg tangkal juarna,

Pantes arariuh,

Lajéng ningali ka lebak,

Tingcalebak kotakan pinuh ku cai,

Kawas di umpak-umpak

 

Pancén 2

Hayang teuing geura beurang,

geus beurang rék ka Sumedang,

nagih ka nu boga hutang,

mun meunang rék meuli soang,

tapi najan henteu meunang,

teu rék buru-buru mulang,

rék tuluy guguru tembang,

jeung diajar nabeuh gambang. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar