Bubuka
Assalamualaikum Wr. Wb.
Sampurasun!!
Kumaha
damang?
Mugia
murid-murid sadaya séhat tur sumanget dina nyangking pangajaran dinten ayeuna.
Sateucan
materi nu kahiji di semester ka dua dikawitan, hayu urang sasarengan ngado’a supados
materi nu baris diajarkeun dinten ayeuna tiasa dicangking kalawan lancar. Lian ti
ngado’a kanggo kalancaran diajar basa sunda, kumargi Sumedang nuju dina kaayaan
seueur bencana alam, urang sasarengan ngadoa pikeun rerencangan urang, warga
sumedang nu kenging kapapaitan ku sabab ayana longsor di Cimanggung. Mugia nu
tos ngantunkeun ditampi iman islamna, ogé nu dikantunkeun sing dipasihan kakiatan
jeung kasabaran.
Murid-murid
nu ku simkuring dipikanyaah tur dipikareueus!
Dina lawungan ka hiji seméster ka dua ieu, Bapa baris medar ngeunaan guguritan. Dipiharep, sabada urang ngalaksanakeun kagiatan diajar guguritan, murid-murid sadaya tiasa:
- Mikawanoh. Nyangkem tur ngajéntrékeun guguritan. Nu dipikawanoh tur dijentrékeun téh nya éta ajén-inajén guguritan nu bisa dicepeng tur dilarapkeun dina kahirupan sosial, struktur basana jiga kumaha ogé ciri-cirina.
- Sabada Mikawanoh, nyangkem tur ngajéntrékeun guguritan, dipiharep hidep tiasa ngaéksprésikeun guguritan ku cara ngahaleuangkeun atanapi ngarang guguritan ku basa nyalira.
- Lawungan kahiji hayu urang ngaregepkeun heula jiga kumaha guguritan dibarung ku nalaah naon waé ajén inajén guguritan, jiga kumaha strukturna ogé ciri-cirina ngaliwatan guguritan pupuh Durma.
- Lawungan kadua urang latih kamampuh urang dina ngalarapkeun pangaweruh ngeunaan struktur guguritan kana pupuh mijil.
- Lawungan katilu nya éta ngahaleuangkeun guguritan ku cara ngadamel video kelompok.
Lengkah Kahiji - Ngaregepkeun Guguritan
Léngkah
kahiji nu baris dilakukeun ku urang nya éta ngaregepkeun conto guguritan pupuh Durma.
Mangga regepkeun conto vidio guguritan pupuh durma nu judulna Lemah Cai ieu dihandap:
Lemah Cai
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus di-pas-ti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Henteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit
Lengkah Kadua - Struktur jeung Unsur Kabahasaan Guguritan
Kanggo
murid nu kantos diajar pupuh Durma biasana ngaraos anéh. Meureun dina pikiranna
aya patalekan “ naha guguritan téh jiga pupuh?”. Waleran tina éta patalékan téh saleresna tiasa
ngawaler tina wangenan atawa pengertian tina guguritan. Guguritan téh nyatana
mangrupa karangan nu ngalarapkeun patokan pupuh. Guguritan téh sok disebut ogé dangding
nyaéta karangan wangun ugeran (puisi) nu pondok dina wangun pupuh. Aya ogé
karya sastra séjénna nu ngalarapkeun patokan pupuh. Disebutna téh wawacan. Bedana,
guguritan mah pondok, sedeng wawacan mah panjang ku réana padalisanna.
Nya
naon atuh ari patokan pupuh téh?
Pupuh
téh jumlahna aya 17, péréléanana nyaéta: (1) kinanti; (2) asmarandana; (3)
sinom; (4) dangdanggula; (5) maskumambang; (6) pucung; (7)mijil; (8) durma; (9)
pangkur; (10) magatru; (11) ladrang; (12) balakbak; (13) gurisa; (14) gambuh;
(15) wirangrong; (16) lambang; jeung (17) jurudemung. Unggal pupuh miboga
patokan katut watekna séwang-séwang. Tangtu cara nembangkeunana ogé teu sarua,
deuih. Ieu dihandap mangrupa watek-watek nu aya dina pupuh:
|
No. |
Ngaran Pupuh |
Watek Pupuh |
|
1 |
Kinanti |
Prihatin, harepan, nganti-nganti |
|
2 |
Sinom |
Rasa gumbira, senang tur naséhat |
|
3 |
Asmarandana |
Silih asih jeung naséhat |
|
4 |
Dangdanggula |
Kabungah jeung kaagungan |
|
5 |
Balakbak |
Pikaseurieun jeung pikalucueun |
|
6 |
Durma |
Rasa ambek, paséa, gelut jeung perang |
|
7 |
Gambuh |
Kalakuan anu tambuh laku, samar polah, jeung
bingung |
|
8 |
Gurisa |
Laku tambah kesel jeung pangangguran |
|
9 |
Jurudemung |
Rasa kaduhung atawa hanjakal |
|
10 |
Ladrang |
Pikaseurieun atawa banyol |
|
11 |
Lambang |
Pikaseurieun atawa banyol |
|
12 |
Magatru |
Rasa prihatin jeung pikaseurieun |
|
13 |
Maskumambang |
Kaprihatinan atawa pinalangsaeun |
|
14 |
Mijil |
Rasa sedih, tiiseun, atawa cilaka |
|
15 |
Pangkur |
Rasa ambek, tatahar gelut atawa rék perang |
|
16 |
Pucung |
Piwuruk, wawaran atawa kakagét |
|
17 |
Wirangrong |
Rasa éra, wiring, apes jeung rugi |
Patokan
pupuh ngawengku guru lagu, guru wilangan, jeung jumlah padalisan dina sapadana
Guru
lagu
Guru lagu nyaéta sora tungtung dina unggal padalisan. Sora téh maksudna huruf vokal.
Guru
wilangan
ari guru wilangan nyaéta jumlah engang dina unggal padalisan. Ari engang téh nyaéta bagéan anu ngawangun kecap anu magrupakeun sempalan tina kecap dina hiji engap/rénghap napas (hawa), di mana raket patalina jeung pola tur wangunan kecap. Dina basa Indonésia disebutna suku kata
Jumlah Padalisan dina Sapada
Pada téh nyaéta beungkeutan rakitan pupuh nu diwangun ku sababaraha padalisan, unggal padalisan ilahama ditulis sajajar-sajajar. Lamun dina basa Indonésia bentukna jiga bait dina puisi. Padalisan téh nyaéta bagian pada dina pupuh atawa baris
tina
gambar diluhur bisa katiten yen Guguritan Lemah cai ngalarapkeun patokan pupuh
durma. jumlah padalisanna aya 7, guru lagu jeung guru wilangana
12a-7i-6a-7a-8i-5a-7i. Bisa ngabédakeun patokan hiji pupuh jeung nu séjénna di
handap aya tabél béréndélan patokan pupuh dina sapadana. Di dinya aya ngaran
pupuh, angka romawi anu maksudna guru lagu jeung guru wilangan; upamana baé
handapeun angka romawi I aya 8-i, hartina
padalisan kahiji, guru wilanganana 8 ari guru laguna i.
Pancén
- Sangkan bisa leuwih nyangkem wangenan sarta struktur guguritan, bandingkeun video diluhur jeung video ieu di handap. Tuliskeun bebedaan jeung sasaruaanna dumasar kana: a). watek, b) guru lagu c) guru wilangan, d) jumlah padalisan, e) eusi jeung f) cara ngahaleuangkeunna!
Dina alam pawayangan ge sarua
Sok aya siksik melik
Marebutkeun
tahta
Hayang
ngajadi raja
Eta
téh sarua silib
Di
alam dunya
Hayang jadi pamingpin
Sumber Materi:
Buku Simpay Basa Sunda pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII. Penerbit Airlangga
Modul Pangajaran Basa Sunda kurikulum 2013 revisi 2017. Penerbit Geger Sunten


Tidak ada komentar:
Posting Komentar